Friday, October 31, 2014

RESENSI "SINDEN sareng ALOK" PADA BINOJAKRAMA 2014



Hasil Paniten Girang Pangajen Sinden sareng Alok
Binojakrama Padalangan di Karawang 2014
1

Kabupaten SUBANG

-       Sinden dina lagu Gorompol nada panelu (3) alit kirang tetes, kalebet dina lagu sanes.  
-         Artikulasi rumpaka kejawen kirang jelas
-         Wanda kapasindenanana kirang nonjol
-         Ngalok dina lagu gorompol payusna nganggo nada tarik
-         Ngalok na kirang khusu


Kota TASIKMALAYA
-         Teknik nyinden kirang kacangkem
-         Wirahma nyinden ( sinden II ) dina lagu gorompol ( “tigejebur” )
-         Sinden dina lagu renggong gancang laras salendro masih ragu ragu
-         Artikulasi rumpaka Alok dina lagu gorompol kirang jelas, tanaga ngalok teu angger, sora tarik teu ka tepi


Kabupaten MAJALENGKA
-         Nyinden dina lagu Engko sora tarik na teu ka tepi ( fals )
-         Nyindena masih di cacag ( di ejah )
-         Kirang ngaraeh senggol ( ornamentasi )
-         Ekspresi / penjiwaan ngawih kirang daria
-         Alok, teknik na sae mung artikulasi na kirang jelas


Kabupaten GARUT
-         Penguasaan lagu sae, mung tanaga nyinden tos kirang, janten aya sababaraha nada teu tetes, pernapasan dina akhir tiap nada kirang panjang ( eur eur na kirang kumplit )
-         Alok dina lagu gorompol lepat kenongan, soantena peura, pemenggalan rumpaka (pedotan) kirang



Kabupaten CIANJUR
-         Lepat ( kenonganana) dina lagu sinyur sorog nu kedahna panelu kalah kana bem, oge sabalikna
-         Macapat na tos sae, mung kirang jelas artikulasina
-         Wanda nyinden na kirang muncul 


Kabupaten PURWAKARTA
-         Nyinden tos sae (tetes), mung teknik pernapasan kirang utami, nempatkeun senggol kirang merenah seueur teuing ngarontok wirahma


Kabupaten KARAWANG
-         Sinden elat teuing nibakeun reureueus dina satiap akhir kalimat lagu
-         Kirang eksprisi+dinamika+improfisasi+artikulasi nyinden
-         Alok kirang tetes dina nyorakeun laras salendro


Kabupaten KUNINGAN
-         Sinden dina lagu Kastawa telat nibakeun
-         Lepat nyorakeun (kenogan) dina lagu “bendrong sareng Angle
-         Kirang kiat nyorakeun nada atit / petit
-         Wirahmana seueur teu pas na
-         Alok kedah langkung seueur deui nguasai ornamentasi nyorakeun gaya alok


 Kabupaten SUKABUMI
-         Sinden I rada kirang tanagi, ekspresi, dinamika
-         Wanda sedih dina lagu kulu kulu barang kirang luyu sareng jejer garapan dalang
-         Saatos seep lagu salah sangka teras toroktok cempala dalang, langkung payus tong dikawihan deui
-         Alok : tanaga sora tos sae, mung artikulasina kirang jelas


 Kabupaten BEKASI
-         Sinden I kirang menguasai  lagu “paksi Tuwung”
-         rada ngojot bade nibakeun kana goongan akhir lagu paksi tuwung
-         Alok dana lagu “senggot” lepat nyomot


Kabupaten BANDUNG
-         Lepat ngagoongkeun dina lagu “gawil satria”
-         Karakter nyinden kirang katinggal


Kota CIMAHI
-         Nyindenna tos sae kantun ngawilah wilah mana nu payus nyajikeun dina bagian “bawa sekar”, artikulasi rumpaka kulu-kulu barangna kirang jelas, nibakeunana kuwung kuwung asa asa
-         Nada panelu alit dina lagu gorompol kirang tetes
-         Teknik nyepeng mic kirang nguntungkeun kana kualitas soanten sinden



Kabupaten SUMEDANG
-         Sinden I elat nyomot dina lagu “gorompol”
-         Wirahma nyinden kirang ajeg ( seueur kakantun nibakeun )
-         Rumpaka antawis padalisan kirang jelas
-         Sinden II sora valseto (nada tinggi ) kirang tetes ( akurasi nada )
-         Alok lepat kenongan dina lagu “senggot”


Kabupaten CIAMIS
-         Sinden I dina lagu “renggong coyor”lepat nibakeun lagu na
-         Dina lagu “subaya” lepat susunan melodi lagu sareng rumpakana
-         Waktos nyinden kirang ekspresif
-         Teknic nyepeng mic kirang nguntungkeun kana hasil sora sindenan
-         Alok kirang nguasaan teknik nyorakeun, improvisasi melodi lagu


Kabupaten BANDUNG BARAT
-         Teknik nyinden tos sae ( improvisasi, interfretasi )
-         Sinden dina lagu “gorompol” sareng senggot kirang tetes
-         Wanda nyinden na tos sae


Kabupaten PANGANDARAN
-         Wanda sinden tos payus, mung teknik nyorakeun nada alit ( tinggi ) kirang utami
-         Pemenggalan rumpaka ( pedotan ) kirang pas
-         Rumpaka “subaya”aya nu lepat
-         Kualitas sora kirang stabil

-         Alok tos sae


Kota BANDUNG
-         Wanda nyinden kirang utami ( dina lagu “banjaran” )

-         Bawa sekar gending perang tanding teu tetes



Kota BOGOR
-         Kirang ngawasa embat dina jejer munggaran ( lagu gorompol), anu akhirna kakantun nibakeunana
-         Nada petit / jerit dina lagu ketuk tilu teu pas ( fals )

Kabupaten CIREBOAN
-         Elat teuing nibakeun engang ( ornamentasi ) lagu dina lagu “Kuwung-kuwung”
-         Melodi+laras dina perang tanding tiasa nganggo nada “loloran” langkung variatif ( teu wungkul nada loloran rendah )
-         Alok tos sae 

Friday, October 17, 2014

SASTRA PADALANGAN



SASTRA padalangan mangrupi rekabasa dalang dina seni pagelaran wayang. Sastra pedalangan mangrupi murwa atawa pelungan (suluk bubuka padalangan), nyandra janturan (deskripsi jejer adegan wiwitan) sareng pocapan (narasi adegan), suluk (puisi padalangan), antawacana (dialog wayang), sabetan (basa awak wayang), sora (sora, celotehan, sareng onomatopi), tembang (lalagon), mantra (puisi magis), sareng lalakon (carita wayang).

A. Murwa

Murwa mangrupi suluk bubuka dina pagelaran wayang. Padalangan Jawa Timur ngangge nami pelungan; padalangan Jawa Tengah ngangge nami ilahengan; sareng padalangan Jawa Barat ngangge nami murwa. Di handap ieu conto murwa pondok padalangan Jawa Barat.

Kembang sungsang binang kunang
Cahaya nira kadya gilang gumilang

Murwa panjang di handap ieu tina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.

Adam adam babuh lawan
Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya
Dangiang wayang wayanganipun
Perlambang alam sadaya
Semar sana ya danar guling
Basa sem pangangen-angen
Mareng ngemaraken Dzat Kang Maha Tunggal
Wayang agung wineja wayang tunggal
Wayang tunggal

B. Nyandra

Nyandra mangrupi deskripsi adegan anu ngangge basa prosa dina pagelaran wayang. Aya dua jenis nyandra: janturan sareng pocapan. Janturan mangrupi deskripsi adegan anu diiringan gamelan; sareng pocapan mangrupi narasi adegan tanpa iringan gamelan. Dumasar kana padalangan Jawa Barat, janturan anu dicatet tina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya sapertos kieu:

Suh rep data pitana! anenggih wau kocapa negara ing pundi ingkang kaeka adi dasa nama purwa, eka sawiji adi linuwih dasa sapuluh nama iku panjenengan purwa nami wiwitan. Sandyan katah titahing dewa kasongan ing akasa, sinangga ing pertiwi, kaideng ing samudra, tebih ing parang muka, dasar negara Dwarawati silokane jero tancebe, jembar laladane, gede obore, duwur kukuse, padang jagate, adoh kakoncarane. Sigeg ingkang murweng kawi paparab kang dadi nalendra, inggih kang ngarenggani pura, jejeneng Sri Maha Batara Kresna ya Prabu Jenggalamanik, Prabu Harimurti, Prabu Padmanaba, Prabu Basudewaputra, saweg dipunadep dening ingkang rayi Arya Setiyaki lan ingkang raka Patih Udawa. Sreg tumeluk kaya kuncim pertala mukanipun sarta kadiya tata malih krama paningalipun Padmanegara lan Udawa saking ajrih dateng pangkonan. Samya prapta ngabiyantara, jajar denira pinara.

2. Conto Pocapan

Pocapan mangrupi nyandra tanpa iringan gamelan kangge nyarioskeun kajadian dina adegan. Di handap ieu hiji conto pocapan dina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.

Padmanegara nyandak dua hulusapu bade dicipta ku Kresna. Atuh Kresna rep sidakep ana sinuku tunggal babakane caturdriya–catur papat, driya angen-angen, sir budi cipta kalawan rasa. Pangambung teu diangge ngangse; soca teu diangge ningal; cepil teu diangge ngarungu; baham teu diangge ngucap lir ibarat anu paeh ngadeg, nanging bentena pedah ngangge ambegan.

C. Suluk

Suluk mangrupi citra anu ditembangkeun ku ki dalang dina pagelaran wayang. Di handap ieu conto suluk tina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.

Conto 1

Saur nira tandana panjang
Sinenggih sabda ya uninga lawan
Sabda ya uninga lawan
Sauri nira tandana panjang sinengih
Sabda uninga wis mama
Ulun layu dening sekti ala bakti dening asih
Ya ding asih
Wong asih ora katara

Conto 2

Betet ijo
Kepodang ulese kuning
Abang manuke wulung kadya wowor
Sandang rawit puter gemeke ya lurik-lurik
Dadanira kinuwungan ya kinuwungan
Kadya bocah ngangge kakalung
Ningsor waringin wulung

Conto 3

Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar cahayanira
Kadya kunang-kunangan
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar socanira
Kadya parada tinabur
Kadya kunang-kunangan
Sekar wijaya kusuma lawan

D. Antawacana

Antawacana mangrupi dialog antartokoh wayang. Sedengkeun antawacana antara tokoh wayang sareng nayaga, wirasuara, atawa juru kawih disebat dialog samping (aside). Antawacana biasana disanggakeun saparantos pocapan. Di handap ieu conto dialog dina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.

Kresna: Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.
Setiaki: Kaula nun.
Kresna: Kakang Patih Udawa.
Udawa: Lo, lo, lo, Hahahah… pun kakang Patih Udawa.
Kresna: Marajeng ka payun calikna.
Setiaki: Ti payun anu kapihatur pun rayi nyanggakeun sembah pangabakti mugiya ditampi.
Kresna: Sembah Rayi ditampi kudua panangan kiwa kalawan tengen, disimpen di luhur dina embun-embunan, di handap dina pang-konan, dicatet dina tungtung emutan anu teu keuna kuowah gingsir.
Setiaki: Ngahaturkeun nuhun. Kalih perkawisna—
Kresna: Kumaha, Yayi?
Setiaki: Bilih aya kalepatan ageng sumawanten alit, agung cukup lumur, neda jembar hapunten anu diteda.
Kresna: Perkawis kalepatan sok bujeng ku aya basana menta dihampura, sanaos teu aya basana akang parantos jadi lautan hampura kana kalepatan sampean, Yayi.
Setiaki: Ngahaturkeun nuhun.

E. Sabetan

Sabetan nyaeta gerak wayang anu mangrupi tarian, lakuan, sareng lagaan. Tarian nyaeta gerak wayang anu diiringan tembang sareng gamelan. Lakuan nyaeta gerak wayang anu diiringan kecrek atawa kendang wungkul. Sedengkeun lagaan nyaeta gerak wayang dina paperangan anu diiringan gamelan atawa diiringan kecrek sareng kendang.

F. Sora

Sora nyaeta koceakan, jeritan, aduhan, tobatan, atawa sora tiruan anu disebat onomatopia. Sora mangrupi palengkap sabetan lagaan.

G. Tembang

Tembang mangrupi lalaguan anu dihaleuangkeun ku sinden, wirasuara, atawa dalang. Tembang wiwitan pagelaran wayang dihaleuangkeun ku sinden. Tembang iringan pagelaran dihaleuangkeun ku sinden sareng wirasuara. Tembang dina adegan Limbukan sareng Gara-gara dihaleuangkeun ku dalang anu ngangge kolaborasi sareng sinden atawa bintang tamu. Di handap ieu conto tembang bubuka dina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.

Sampurasun dulur-dulur
Nu aya di pilemburan
Wilujeng patepang dangu
Ti abdi saparakanca
Ti abdi saparakanca
Gamelan Munggul Pawenang
Nyanggakeun hiburanana, Juragan
La mugiya janten panglipur
Pangbeberah duh kana manah
Sedangkeun tembang di handap ieu dihaleuangkeun ku si Cepot dina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.

“Lagu Nu Ngusep”
Barung herang liar mijah
Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
Mawa eupan rupa-rupa
Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud
Plung kecemplung plung kecemplung
Empan teuleum kukumbul ambul-ambulan
Kenur manteng jeujeur jeceng
Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi
Kop tah lauk mere dahareun
Mangga mangga mangga geura tuang
Geura raos ditanggung deudeuieun
Mangga mangga ulah isin-isin
Empan cangkilu ungkul dilangkung
Empan papatong kalah dipelong
Ku epan colek kalah ngadelek
Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom

H. Mantra

Mantra atawa sastra mantra padalangan aya dua kategori. Kahiji, mantra anu mangrupi doa ki dalang dina pagelaran wayang. Kadua, mantra anu mangrupi rapalan tokoh wayang kangge ngedalkeun kasaktianana.

Conto mantra bubuka pagelaran ti Mpu Tan Akung:
Ingsun Angidhepa Sang Hyang Guru Reka,
Kamatantra: swaranku manikastagina.
Conto kadua mangrupi rapalan mantra panyirepan ku tokoh wayang Indrajit:
Rep sirep si Megananda
Wong sarewu padha tumut
Salaksa wong serah nyawa

I. Lakon


Lakon dina pawayangan asalna tina carita-carita wayang anu tiasa diklasifikasikeun kana carita pakem, carangan, gubahan, sareng sempalan. Carita pakem asalna tina Mahabarata, Ramayana, Serat Paramayoga, Serat Pustaka Rajapurwa, Serat Purwakandha, sareng anu sanesna. Carita carangan mangrupi versi carita pakem anu parantos dimodifikasi ku ki dalang. Carita gubahan mangrupi versi carita anu diadaptasi. Carita sempalan mangrupi cerita wayang kreasi enggal