SASTRA padalangan mangrupi rekabasa dalang dina seni pagelaran
wayang. Sastra pedalangan mangrupi murwa atawa pelungan (suluk bubuka
padalangan), nyandra janturan (deskripsi jejer adegan wiwitan) sareng pocapan
(narasi adegan), suluk (puisi padalangan), antawacana (dialog wayang), sabetan
(basa awak wayang), sora (sora, celotehan, sareng onomatopi), tembang
(lalagon), mantra (puisi magis), sareng lalakon (carita wayang).
A. Murwa
Murwa mangrupi suluk bubuka dina pagelaran wayang. Padalangan
Jawa Timur ngangge nami pelungan; padalangan Jawa Tengah ngangge nami
ilahengan; sareng padalangan Jawa Barat ngangge nami murwa. Di handap ieu conto
murwa pondok padalangan Jawa Barat.
Kembang
sungsang binang kunang
Cahaya nira kadya gilang gumilang
Cahaya nira kadya gilang gumilang
Murwa panjang di handap ieu tina lalakon Jaya Renyuan garapan
ki dalang Dede Amung Sutarya.
Adam
adam babuh lawan
Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya
Dangiang wayang wayanganipun
Perlambang alam sadaya
Semar sana ya danar guling
Basa sem pangangen-angen
Mareng ngemaraken Dzat Kang Maha Tunggal
Wayang agung wineja wayang tunggal
Wayang tunggal
Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya
Dangiang wayang wayanganipun
Perlambang alam sadaya
Semar sana ya danar guling
Basa sem pangangen-angen
Mareng ngemaraken Dzat Kang Maha Tunggal
Wayang agung wineja wayang tunggal
Wayang tunggal
B. Nyandra
Nyandra mangrupi deskripsi adegan anu ngangge basa prosa dina
pagelaran wayang. Aya dua jenis nyandra: janturan sareng pocapan. Janturan
mangrupi deskripsi adegan anu diiringan gamelan; sareng pocapan mangrupi narasi
adegan tanpa iringan gamelan. Dumasar kana padalangan Jawa Barat, janturan anu
dicatet tina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung
Sutarya sapertos kieu:
Suh
rep data pitana! anenggih wau kocapa negara ing pundi ingkang kaeka adi dasa
nama purwa, eka sawiji adi linuwih dasa sapuluh nama iku panjenengan purwa nami
wiwitan. Sandyan katah titahing dewa kasongan ing akasa, sinangga ing pertiwi,
kaideng ing samudra, tebih ing parang muka, dasar negara Dwarawati silokane
jero tancebe, jembar laladane, gede obore, duwur kukuse, padang jagate, adoh
kakoncarane. Sigeg ingkang murweng kawi paparab kang dadi nalendra, inggih kang
ngarenggani pura, jejeneng Sri Maha Batara Kresna ya Prabu Jenggalamanik, Prabu
Harimurti, Prabu Padmanaba, Prabu Basudewaputra, saweg dipunadep dening ingkang
rayi Arya Setiyaki lan ingkang raka Patih Udawa. Sreg tumeluk kaya kuncim
pertala mukanipun sarta kadiya tata malih krama paningalipun Padmanegara lan
Udawa saking ajrih dateng pangkonan. Samya prapta ngabiyantara, jajar denira
pinara.
2. Conto Pocapan
Pocapan mangrupi nyandra tanpa iringan gamelan kangge
nyarioskeun kajadian dina adegan. Di handap ieu hiji conto pocapan dina lalakon Jaya
Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.
Padmanegara nyandak dua hulusapu bade dicipta ku Kresna. Atuh
Kresna rep sidakep ana sinuku tunggal babakane caturdriya–catur papat, driya
angen-angen, sir budi cipta kalawan rasa. Pangambung teu diangge ngangse; soca
teu diangge ningal; cepil teu diangge ngarungu; baham teu diangge ngucap lir
ibarat anu paeh ngadeg, nanging bentena pedah ngangge ambegan.
C. Suluk
Suluk mangrupi citra anu ditembangkeun ku ki dalang dina
pagelaran wayang. Di handap ieu conto suluk tina lalakon Jaya Renyuan garapan
ki dalang Dede Amung Sutarya.
Conto 1
Saur
nira tandana panjang
Sinenggih sabda ya uninga lawan
Sabda ya uninga lawan
Sauri nira tandana panjang sinengih
Sabda uninga wis mama
Ulun layu dening sekti ala bakti dening asih
Ya ding asih
Wong asih ora katara
Sinenggih sabda ya uninga lawan
Sabda ya uninga lawan
Sauri nira tandana panjang sinengih
Sabda uninga wis mama
Ulun layu dening sekti ala bakti dening asih
Ya ding asih
Wong asih ora katara
Conto 2
Betet ijo
Kepodang ulese kuning
Abang manuke wulung kadya wowor
Sandang rawit puter gemeke ya lurik-lurik
Dadanira kinuwungan ya kinuwungan
Kadya bocah ngangge kakalung
Ningsor waringin wulung
Kepodang ulese kuning
Abang manuke wulung kadya wowor
Sandang rawit puter gemeke ya lurik-lurik
Dadanira kinuwungan ya kinuwungan
Kadya bocah ngangge kakalung
Ningsor waringin wulung
Conto 3
Sri tinon ing
pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar cahayanira
Kadya kunang-kunangan
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar socanira
Kadya parada tinabur
Kadya kunang-kunangan
Sekar wijaya kusuma lawan
Busana manekawarna
Murub mubyar cahayanira
Kadya kunang-kunangan
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar socanira
Kadya parada tinabur
Kadya kunang-kunangan
Sekar wijaya kusuma lawan
D. Antawacana
Antawacana mangrupi dialog antartokoh wayang. Sedengkeun
antawacana antara tokoh wayang sareng nayaga, wirasuara, atawa juru kawih
disebat dialog samping (aside). Antawacana biasana disanggakeun saparantos
pocapan. Di handap ieu conto dialog dina lalakon Jaya Renyuan garapan
ki dalang Dede Amung Sutarya.
Kresna: Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.
Setiaki: Kaula nun.
Kresna: Kakang Patih Udawa.
Udawa: Lo, lo, lo, Hahahah… pun kakang Patih Udawa.
Kresna: Marajeng ka payun calikna.
Setiaki: Ti payun anu kapihatur pun rayi nyanggakeun sembah
pangabakti mugiya ditampi.
Kresna: Sembah Rayi ditampi kudua panangan kiwa kalawan tengen,
disimpen di luhur dina embun-embunan, di handap dina pang-konan, dicatet dina
tungtung emutan anu teu keuna kuowah gingsir.
Setiaki: Ngahaturkeun nuhun. Kalih perkawisna—
Kresna: Kumaha, Yayi?
Setiaki: Bilih aya kalepatan ageng sumawanten alit, agung cukup
lumur, neda jembar hapunten anu diteda.
Kresna: Perkawis kalepatan sok bujeng ku aya basana menta
dihampura, sanaos teu aya basana akang parantos jadi lautan hampura kana
kalepatan sampean, Yayi.
Setiaki: Ngahaturkeun nuhun.
E. Sabetan
Sabetan nyaeta gerak wayang anu mangrupi tarian, lakuan, sareng
lagaan. Tarian nyaeta gerak wayang anu diiringan tembang sareng gamelan. Lakuan
nyaeta gerak wayang anu diiringan kecrek atawa kendang wungkul. Sedengkeun
lagaan nyaeta gerak wayang dina paperangan anu diiringan gamelan atawa
diiringan kecrek sareng kendang.
F. Sora
Sora nyaeta koceakan, jeritan, aduhan, tobatan, atawa sora
tiruan anu disebat onomatopia. Sora mangrupi palengkap sabetan lagaan.
G. Tembang
Tembang mangrupi lalaguan anu dihaleuangkeun ku sinden,
wirasuara, atawa dalang. Tembang wiwitan pagelaran wayang dihaleuangkeun ku
sinden. Tembang iringan pagelaran dihaleuangkeun ku sinden sareng wirasuara.
Tembang dina adegan Limbukan sareng Gara-gara dihaleuangkeun ku dalang anu ngangge
kolaborasi sareng sinden atawa bintang tamu. Di handap ieu conto tembang bubuka
dina lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung
Sutarya.
Sampurasun dulur-dulur
Nu aya di pilemburan
Wilujeng patepang dangu
Ti abdi saparakanca
Ti abdi saparakanca
Gamelan Munggul Pawenang
Nyanggakeun hiburanana, Juragan
La mugiya janten panglipur
Pangbeberah duh kana manah
Nu aya di pilemburan
Wilujeng patepang dangu
Ti abdi saparakanca
Ti abdi saparakanca
Gamelan Munggul Pawenang
Nyanggakeun hiburanana, Juragan
La mugiya janten panglipur
Pangbeberah duh kana manah
Sedangkeun tembang di handap ieu dihaleuangkeun ku si Cepot dina
lalakon Jaya Renyuan garapan ki dalang Dede Amung Sutarya.
“Lagu Nu Ngusep”
Barung
herang liar mijah
Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
Mawa eupan rupa-rupa
Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud
Plung kecemplung plung kecemplung
Empan teuleum kukumbul ambul-ambulan
Kenur manteng jeujeur jeceng
Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi
Kop tah lauk mere dahareun
Mangga mangga mangga geura tuang
Geura raos ditanggung deudeuieun
Mangga mangga ulah isin-isin
Empan cangkilu ungkul dilangkung
Empan papatong kalah dipelong
Ku epan colek kalah ngadelek
Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom
Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
Mawa eupan rupa-rupa
Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud
Plung kecemplung plung kecemplung
Empan teuleum kukumbul ambul-ambulan
Kenur manteng jeujeur jeceng
Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi
Kop tah lauk mere dahareun
Mangga mangga mangga geura tuang
Geura raos ditanggung deudeuieun
Mangga mangga ulah isin-isin
Empan cangkilu ungkul dilangkung
Empan papatong kalah dipelong
Ku epan colek kalah ngadelek
Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom
H. Mantra
Mantra atawa sastra mantra padalangan aya dua kategori. Kahiji,
mantra anu mangrupi doa ki dalang dina pagelaran wayang. Kadua, mantra anu
mangrupi rapalan tokoh wayang kangge ngedalkeun kasaktianana.
Conto mantra bubuka pagelaran ti Mpu Tan Akung:
Ingsun Angidhepa Sang Hyang Guru Reka,
Kamatantra: swaranku manikastagina.
Conto kadua mangrupi rapalan mantra panyirepan ku tokoh wayang
Indrajit:
Rep sirep si Megananda
Wong sarewu padha tumut
Salaksa wong serah nyawa
I. Lakon
Lakon
dina pawayangan asalna tina carita-carita wayang anu tiasa diklasifikasikeun
kana carita pakem, carangan, gubahan, sareng sempalan. Carita pakem asalna tina
Mahabarata, Ramayana, Serat Paramayoga, Serat Pustaka Rajapurwa, Serat
Purwakandha, sareng anu sanesna. Carita carangan mangrupi versi carita pakem
anu parantos dimodifikasi ku ki dalang. Carita gubahan mangrupi versi carita
anu diadaptasi. Carita sempalan mangrupi cerita wayang kreasi enggal
No comments:
Post a Comment