Hasil Paniten Girang Pangajen Sinden sareng Alok
Binojakrama Padalangan di Karawang 2014
1
Kabupaten SUBANG
- Sinden dina lagu Gorompol nada panelu (3) alit kirang
tetes, kalebet dina lagu sanes.
-
Artikulasi rumpaka kejawen kirang jelas
-
Wanda kapasindenanana kirang nonjol
-
Ngalok dina lagu gorompol payusna nganggo nada tarik
-
Ngalok na kirang khusu
Kota TASIKMALAYA
-
Teknik nyinden kirang kacangkem
-
Wirahma nyinden ( sinden II ) dina lagu gorompol (
“tigejebur” )
-
Sinden dina lagu renggong gancang laras salendro masih
ragu ragu
-
Artikulasi rumpaka Alok dina lagu gorompol kirang
jelas, tanaga ngalok teu angger, sora tarik teu ka tepi
Kabupaten MAJALENGKA
-
Nyinden dina lagu Engko sora tarik na teu ka tepi (
fals )
-
Nyindena masih di cacag ( di ejah )
-
Kirang ngaraeh senggol ( ornamentasi )
-
Ekspresi / penjiwaan ngawih kirang daria
-
Alok, teknik na sae mung artikulasi na kirang jelas
Kabupaten GARUT
-
Penguasaan lagu sae, mung tanaga nyinden tos kirang,
janten aya sababaraha nada teu tetes, pernapasan dina akhir tiap nada kirang
panjang ( eur eur na kirang kumplit )
-
Alok dina lagu gorompol lepat kenongan, soantena
peura, pemenggalan rumpaka (pedotan) kirang
Kabupaten CIANJUR
-
Lepat ( kenonganana) dina lagu sinyur sorog nu kedahna
panelu kalah kana bem, oge sabalikna
-
Macapat na tos sae, mung kirang jelas artikulasina
-
Wanda nyinden na kirang muncul
Kabupaten PURWAKARTA
-
Nyinden tos sae (tetes), mung teknik pernapasan kirang
utami, nempatkeun senggol kirang merenah seueur teuing ngarontok wirahma
Kabupaten KARAWANG
-
Sinden elat teuing nibakeun reureueus dina satiap
akhir kalimat lagu
-
Kirang eksprisi+dinamika+improfisasi+artikulasi
nyinden
-
Alok kirang tetes dina nyorakeun laras salendro
Kabupaten KUNINGAN
-
Sinden dina lagu Kastawa telat nibakeun
-
Lepat nyorakeun (kenogan) dina lagu “bendrong sareng
Angle
-
Kirang kiat nyorakeun nada atit / petit
-
Wirahmana seueur teu pas na
-
Alok kedah langkung seueur deui nguasai ornamentasi
nyorakeun gaya alok
Kabupaten SUKABUMI
-
Sinden I rada kirang tanagi, ekspresi, dinamika
-
Wanda sedih dina lagu kulu kulu barang kirang luyu
sareng jejer garapan dalang
-
Saatos seep lagu salah sangka teras toroktok cempala
dalang, langkung payus tong dikawihan deui
-
Alok : tanaga sora tos sae, mung artikulasina kirang
jelas
Kabupaten BEKASI
-
Sinden I kirang menguasai lagu “paksi Tuwung”
-
rada ngojot bade nibakeun kana goongan akhir lagu
paksi tuwung
-
Alok dana lagu “senggot” lepat nyomot
Kabupaten BANDUNG
-
Lepat ngagoongkeun dina lagu “gawil satria”
-
Karakter nyinden kirang katinggal
Kota CIMAHI
-
Nyindenna tos sae kantun ngawilah wilah mana nu payus
nyajikeun dina bagian “bawa sekar”, artikulasi rumpaka kulu-kulu barangna
kirang jelas, nibakeunana kuwung kuwung asa asa
-
Nada panelu alit dina lagu gorompol kirang tetes
-
Teknik nyepeng mic kirang nguntungkeun kana kualitas
soanten sinden
Kabupaten SUMEDANG
-
Sinden I elat nyomot dina lagu “gorompol”
-
Wirahma nyinden kirang ajeg ( seueur kakantun nibakeun
)
-
Rumpaka antawis padalisan kirang jelas
-
Sinden II sora valseto (nada tinggi ) kirang tetes (
akurasi nada )
-
Alok lepat kenongan dina lagu “senggot”
Kabupaten CIAMIS
-
Sinden I dina lagu “renggong coyor”lepat nibakeun lagu
na
-
Dina lagu “subaya” lepat susunan melodi lagu sareng
rumpakana
-
Waktos nyinden kirang ekspresif
-
Teknic nyepeng mic kirang nguntungkeun kana hasil sora
sindenan
-
Alok kirang nguasaan teknik nyorakeun, improvisasi
melodi lagu
Kabupaten BANDUNG BARAT
-
Teknik nyinden tos sae ( improvisasi, interfretasi )
-
Sinden dina lagu “gorompol” sareng senggot kirang
tetes
-
Wanda nyinden na tos sae
Kabupaten PANGANDARAN
-
Wanda sinden tos payus, mung teknik nyorakeun nada alit
( tinggi ) kirang utami
-
Pemenggalan rumpaka ( pedotan ) kirang pas
-
Rumpaka “subaya”aya nu lepat
-
Kualitas sora kirang stabil
-
Alok tos sae
Kota BANDUNG
-
Wanda nyinden kirang utami ( dina lagu “banjaran” )
-
Bawa sekar gending perang tanding teu tetes
Kota BOGOR
-
Kirang ngawasa embat dina jejer munggaran ( lagu
gorompol), anu akhirna kakantun nibakeunana
-
Nada petit / jerit dina lagu ketuk tilu teu pas ( fals
)
Kabupaten CIREBOAN
-
Elat teuing nibakeun engang ( ornamentasi ) lagu dina
lagu “Kuwung-kuwung”
-
Melodi+laras dina perang tanding tiasa nganggo nada
“loloran” langkung variatif ( teu wungkul nada loloran rendah )
-
Alok tos sae
No comments:
Post a Comment