KANGGO PAMILON BINOJAKRAMA PADALANGAN 2014 DI KARAWANG
WIDANG GENDING
Kabupaten SUBANG
Ø Kamotékaran dina garap Gending cukup mibanda warna anu
saé, kantun kategasan dina garap gending ilustrasi masihan paneges dina bagian
tungtung masih teu jelas
Ø Tabeuh kempul pokok dina lagu Gorompol teu puguh
Ø Rebab masih seueur sumbang
Ø Garap Gambang cukup standar
Ø Garap Kendang cukup standar, saé
Kota TASIKMALAYA
Ø Wirahma tabeuh teu paranceg
Ø Kendang teu ngawasa kana wirahma unggal lagu,
balukarna wangunan gending acak-acakan
Ø Wirahma gending masih seueur anu pasalia antara
kendang jeung gamelan, oge dina pirigan Kakawén antara wirahma gambang sareng
gamelan masih balap
Ø Tabeuh Kendang masih seueur anu lepat
Ø Tepak Kendang kalimatna seueur anu teu jelas, boh
tepak ngagoongkeun boh tepak tiba Kakawen
Kabupaten GARUT
Ø Naékkeun Gorompol leungit sapalih, eta nembe kana
kenongan Alok, teu acan dugi kana Goong
Ø Kendang teu ngawasa kana wirahma pirigan Kakawén,
antukna unggal ngeureunkeun pirigan Kakawén pabalatak, gending leungiteun
titincakan
Ø Rebab sumbang waé
Kabupaten CIANJUR
Ø Naékkeun Gorompol masih teu utuh/aya nu leungit
Ø Tafsir garap gending cukup luyu
Ø Juru gambang nominasi
Ø Kualitas tabeuh, wirahma cukup
Ø Artikulasi kejelasan sora gamelan masih aya nu kurang
jelas
Ø Tafsir garap gending masih aya anu teu acan jelas
Ø Rebab cukup, tapi masih aya sababaraha bagian anu
sumbang
Ø Garap Kendang cukup, tapi masih aya anu can sajiwa
jeung adegan, utamina ngeusian ngatur tempo
Kabupaten BANDUNG
Ø Tabeuh masih seueur émosional, teu balance tabeuh karaos bebeng, kaasup gambang
Ø Variasi garap cukup rapih
Ø Rebab nominasi, tapi emosional antukna kawas kasar
Ø Mintonkeun hasil eksplorasi tradisi anu cukup unik
Ø Bagian akhir garap vokal “jajawaan” teuing
Ø Aya gending anu kurang luyu jeung karakter wayang
Ø Pangkat Gorompol balap
Ø Kempul pokok Gorompol teu puguh titincakan
Ø Rebab émosional jadi geregetna ngirangan
Ø Wirahma ayak-ayakan seueur teu kajaga
Ø Tatapakan wirahma anu aya dina goong kirang kuat
Kabupaten SUMEDANG
Ø Naék Gorompol utuh cukup apik
Ø Rebab sumbang
Ø Panceg wirahma cukup
Ø Gambang nominasi, variasi takol
Ø Tafsir kreatifcukup luwes, masih nincak dina
pakem/karakter gamelan wayang
Ø Kasaimbangan sora waditra masih can karasa
Ø Anu nabeuh ragu-ragu kana wirahma utamina dina kakawén
Ø Pangkat Renggong Coyor kirang teges
Ø Tabeuh Kempul poko Renggong Coyor teu puguh
Ø Wirahma ibingan Renggong Coyor balap
Ø Tugu Renggong Coyor dina naekkeun teu puguh
Ø Rebab nominasi
Ø Mancerkeun pirigan Kakawén
Ø Wirahma tabeuh gamelan, kirang luyu sareng iringan
tepak Kendang
Kabupaten BANDUNG BARAT
Ø Wirahma Karatagan kirang ngalagena
Ø Kempul poko dina Gorompol, teu puguh
Ø Wirahma rangkep tabeuhan masih sagawayah
nempatkeunana, upamana dina Gorompol, pami dina ibingan wayang, lolongkrangna
tong waka dirangkep margi aya kénéh ibingan, supados benten sareng bade murwa,
balukarna jadi bosen, teu dinamis
Ø Gambang nominasi
Ø Kendang nominasi
Ø Ipis kandel tabeuhan can diropea jadi sora ngaguruh
Ø Rebab fals
Ø Mancerkeun sabada Kakawén teu diperhatikeun
nada-nadana anu luyu
Kabupaten PANGANDARAN
Ø Gelenyu Gorompol rusuh teuing
Ø Kempul poko dina Gorompol teu puguh kana patokan lagu
Ageung
Ø Naékkeun dina Gorompol lepat tugu laguna, hartosna
naekkeun kedahna ngagancangan sanes ngicalkeun nada-nada anu kedahna ditabeuh
Ø Wirahma nurunkeun dina Waled, balap antawis Kendang,
Gamelan, Gambang
Ø Wirahma lagu Subaya, kendor teuing
Ø Wirahma Sampak Sewu, Goong telat waé
Ø Rebab nominasi (késétan lemes, teknik tetes)
Ø Kendang nominasi, tapi aya sababaraha bagian anu teu
jelas, anu ngabalukarkeun teu puguhna wirahma
Ø Rebab nominasi, tapi can merhatikeun alur melodi anu
pokok, upamana dina Kakawén anu kuduna kana ligar, Rebab kalah kana barang
biasa
Ø Garap gending cukup apik, teu leupas tina
ugeran-ugeran jiwa tradisi
Ø Kaparigelan walatra
Kota BOGOR
Ø Garap kamotekaran gending kirang rapih, boh takol boh
wirahma boh wandana
Ø Seueur gending papaés anu mubah, sarta teu
merhétangkeun kaperyogian adegan wayang
Ø Wirahma sampak kirang kajaga
Ø Wirahma ayak-ayakan sadayana dina témpo gancang, saéna
saluyukeun sareng jiwa adegan
Kabupaten CIREBON
Ø Kempul poko Kuwung-kuwung henteu puguh patokanana
Ø Memiliki keunikan
Ø Wirahma tiap adegan terlalu tergesa-gesa sehingga
dinamika pirigan gending tidak terjaga
Ø Memiliki keunikan musikal, tinggal bagaimana kekhasan
itu menjadi bagian dari kekuatan “Wayang Golék Purwa” yang berkembang di Jawa
Barat
No comments:
Post a Comment