Monday, November 10, 2014

RESENSI GIRANG PANGAJEN "WIDANG GENDING"







RESENSI GIRANG PANGAJEN
KANGGO PAMILON BINOJAKRAMA PADALANGAN 2014 DI KARAWANG
WIDANG GENDING


Kabupaten SUBANG
Ø Kamotékaran dina garap Gending cukup mibanda warna anu saé, kantun kategasan dina garap gending ilustrasi masihan paneges dina bagian tungtung masih teu jelas
Ø Tabeuh kempul pokok dina lagu Gorompol teu puguh
Ø Rebab masih seueur sumbang
Ø Garap Gambang cukup standar
Ø Garap Kendang cukup standar, saé


Kota TASIKMALAYA
Ø Wirahma tabeuh teu paranceg
Ø Kendang teu ngawasa kana wirahma unggal lagu, balukarna wangunan gending acak-acakan

   

Kabupaten MAJALENGKA
Ø Wirahma gending masih seueur anu pasalia antara kendang jeung gamelan, oge dina pirigan Kakawén antara wirahma gambang sareng gamelan masih balap
Ø Tabeuh Kendang masih seueur anu lepat
Ø Tepak Kendang kalimatna seueur anu teu jelas, boh tepak ngagoongkeun boh tepak tiba Kakawen


Kabupaten GARUT
Ø Naékkeun Gorompol leungit sapalih, eta nembe kana kenongan Alok, teu acan dugi kana Goong
Ø Kendang teu ngawasa kana wirahma pirigan Kakawén, antukna unggal ngeureunkeun pirigan Kakawén pabalatak, gending leungiteun titincakan
Ø Rebab sumbang waé


Kabupaten CIANJUR
Ø Naékkeun Gorompol masih teu utuh/aya nu leungit
Ø Tafsir garap gending cukup luyu
Ø Juru gambang nominasi



 Kabupaten PURWAKARTA
Ø  Kualitas tabeuh, wirahma cukup
Ø  Artikulasi kejelasan sora gamelan masih aya nu kurang jelas
Ø  Tafsir garap gending masih aya anu teu acan jelas
Ø  Rebab cukup, tapi masih aya sababaraha bagian anu sumbang
Ø  Garap Kendang cukup, tapi masih aya anu can sajiwa jeung adegan, utamina ngeusian ngatur tempo



Kabupaten BANDUNG
Ø  Tabeuh masih seueur émosional, teu balance tabeuh  karaos bebeng, kaasup gambang
Ø  Variasi garap cukup rapih
Ø  Rebab nominasi, tapi emosional antukna kawas kasar
Ø  Mintonkeun hasil eksplorasi tradisi anu cukup unik
Ø  Bagian akhir garap vokal “jajawaan” teuing
Ø  Aya gending anu kurang luyu jeung karakter wayang


 Kota CIMAHI
Ø  Pangkat Gorompol balap
Ø  Kempul pokok Gorompol teu puguh titincakan
Ø  Rebab émosional jadi geregetna ngirangan
Ø  Wirahma ayak-ayakan seueur teu kajaga
Ø  Tatapakan wirahma anu aya dina goong kirang kuat


Kabupaten SUMEDANG
Ø  Naék Gorompol utuh cukup apik
Ø  Rebab sumbang
Ø  Panceg wirahma cukup
Ø  Gambang nominasi, variasi takol
Ø  Tafsir kreatifcukup luwes, masih nincak dina pakem/karakter gamelan wayang
Ø  Kasaimbangan sora waditra masih can karasa
Ø  Anu nabeuh ragu-ragu kana wirahma utamina dina kakawén


 Kabupaten CIAMIS
Ø  Pangkat Renggong Coyor kirang teges
Ø  Tabeuh Kempul poko Renggong Coyor teu puguh
Ø  Wirahma ibingan Renggong Coyor balap
Ø  Tugu Renggong Coyor dina naekkeun teu puguh
Ø  Rebab nominasi
Ø  Mancerkeun pirigan Kakawén
Ø  Wirahma tabeuh gamelan, kirang luyu sareng iringan tepak Kendang


Kabupaten BANDUNG BARAT
Ø  Wirahma Karatagan kirang ngalagena
Ø  Kempul poko dina Gorompol, teu puguh
Ø  Wirahma rangkep tabeuhan masih sagawayah nempatkeunana, upamana dina Gorompol, pami dina ibingan wayang, lolongkrangna tong waka dirangkep margi aya kénéh ibingan, supados benten sareng bade murwa, balukarna jadi bosen, teu dinamis
Ø  Gambang nominasi
Ø  Kendang nominasi
Ø  Ipis kandel tabeuhan can diropea jadi sora ngaguruh
Ø  Rebab fals
Ø  Mancerkeun sabada Kakawén teu diperhatikeun nada-nadana anu luyu


Kabupaten PANGANDARAN
Ø  Gelenyu Gorompol rusuh teuing
Ø  Kempul poko dina Gorompol teu puguh kana patokan lagu Ageung
Ø  Naékkeun dina Gorompol lepat tugu laguna, hartosna naekkeun kedahna ngagancangan sanes ngicalkeun nada-nada anu kedahna ditabeuh
Ø  Wirahma nurunkeun dina Waled, balap antawis Kendang, Gamelan, Gambang
Ø  Wirahma lagu Subaya, kendor teuing
Ø  Wirahma Sampak Sewu, Goong telat waé
Ø  Rebab nominasi (késétan lemes, teknik tetes)
Ø  Kendang nominasi, tapi aya sababaraha bagian anu teu jelas, anu ngabalukarkeun teu puguhna wirahma



 Kota BANDUNG
Ø  Rebab nominasi, tapi can merhatikeun alur melodi anu pokok, upamana dina Kakawén anu kuduna kana ligar, Rebab kalah kana barang biasa
Ø  Garap gending cukup apik, teu leupas tina ugeran-ugeran jiwa tradisi
Ø  Kaparigelan walatra


Kota BOGOR
Ø  Garap kamotekaran gending kirang rapih, boh takol boh wirahma boh wandana
Ø  Seueur gending papaés anu mubah, sarta teu merhétangkeun kaperyogian adegan wayang
Ø  Wirahma sampak kirang kajaga
Ø  Wirahma ayak-ayakan sadayana dina témpo gancang, saéna saluyukeun sareng jiwa adegan


Kabupaten CIREBON
Ø  Kempul poko Kuwung-kuwung henteu puguh patokanana
Ø  Memiliki keunikan
Ø  Wirahma tiap adegan terlalu tergesa-gesa sehingga dinamika pirigan gending tidak terjaga

Ø  Memiliki keunikan musikal, tinggal bagaimana kekhasan itu menjadi bagian dari kekuatan “Wayang Golék Purwa” yang berkembang di Jawa Barat

No comments:

Post a Comment